Kamis, 22 September 2016

Warna Basa

Assalamu'alaikum Warahmatullohi Wabarokatuh

Hamdan Wasukron Lillahi

Langkung tipayun urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Ilahi Robbi anu mana dina danget ayeuna urang sadaya masih keneh dipaparin yuswa pikeun ngambah kahirupan anu beurat karaosna pikeun ngahontal kabagjaan dunia rawuh akherat
solawat miwah salam salamina di curahlimpahkeun ka jungjunan alam urang sadaya tegesna habibana wanabiyana Muhammad SAW, kapara keluargina, para sahabatna, tug dugi kaurang sadayana anu turut mitutur kana ajaran mantenan anu mudah-mudahan urang sadaya kenging syafa'at ti mantena, Aamiin.

dina kasempetan ieu simkuring bade ngawantunkeun diri ngiring minuhan blog ku seratan-seratan sunda sok sanaos sim kuring sanes ahlina dina perkawis basa sunda ieu, namung kamandang dipara pinisepuh diantos pisan supados khususna sim kuring tiasa ningkatkeun dina ngalarapkeun basa sunda anu rada sesah mendaan di lingkungan sim  kuring utamina dilingkungan SMK BNN Cisarua,

sim kuring ngiring cumarios ieu teu aya sanes pikeun ngiring ngamumule bassa Sunda anu sakieu abotna dina mertahankeun kabasaan dilingkungan, kumargi eta mudah-mudahan ku ayana dukungan ti Pamarentah daerah dina ngawajibkeun tiap sakola ti kawit SD dugi ka SMA/SMK ngajantenkeun basa Sunda janten PAngajaran Mulok wajib ieu tiassaa janten cukang lantaran Basa Sunda tiasa sakedik di pertahankeun sok sanaos teu 10 % oge.

Dikalagan murangkalih Sakola SMK ayeuna seueur pisan halangan anu di payunan dina pangajaran Basa Sunda ieu,
naon margina??
margi kaseuseueuraan sepuh murangkalih ngajarkeun Basa Indonesia ka murangkalihna,
naha cenah??
saurna pami murangkalih dibiasakeun ku basa Sunda dina cumarios sadidintenna rentan pisan kaismeuan ku Basa Sunda Kasar, padahal mah eta sadayanaa guumantung ka urang uraang keneh salaku sepuhan pikeun ngadik ngadidik murangkalih perkawis tatakrama dina Basa.
 
di sagedengeun ngajarkeun Cumarios Basa Indonesia Ka murang Kalih urang kedah ngajarkeun Basa Sunda Ka murang Kalih, margi piraku kasebat urang sunda tapi teu tiasa Basa Sunda Isin atuh,


sakedik anu janten conto dina tatak rama Basa Sunda ieu perkawis Warna Basa, dina Basa sunda aya anu katelah basa lemes (hormat), basa Loma, tah kadaang murangkalih ayeuna mah di Girik rata bae basa na teu di tumpa-tumpa, padahal pami cumarios ka sahandapeun, kasababad, boh kasaluhureun tinangtos benten pisan dina ucap-ucapana,


hiji conto Dahar/Tuang/Neda

dina tilu kecap eta ngandung hartos anu sami, namung bakal benten dina ngagunakeun Basana

dahar mah basa loma pami cumarios sinareng rerencangan

Tuang digunakeun piekun saluhureun atanapi anu dipihormat ku urang

Neda pikeun nyalira

pikeun sato bakal benten unggelna oge
dina basa Sunda Basa pikeun sato henteu sami sadayana


conto pikeun sapi mah lelebok
pikeun hayam atawa sabangsa hayam, manuk, papacok
pikeun soang, entog, lolodok, jeung sajabana,,

tah ieu kedah di jagi kuurang tong dugikeun basa sato dingge kanggo jalmi, duh kacida pisan


sakitu bae kanggoo danget ayeuna sim kuring ngiring ngabalaan,

Rupina bobo sapanon carang sapakan tutuslangkung kepang halang, tina naon-naon anu di serat, rupining ka tuna sinareng ka kirang sim kuring, nyanggakeun sabrang salayan, kalayan kamandang ti sadayana di antos pisan,

Wassalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh,
Permios..............